December 7, 2017

BEDANA KURING JEUNG INDUNG

Design by Katemangostar/Freepik


Indung teh  luar biasa.
Beda jeung kuring.
Mun  pendak atanapi papisah indung sok nyarios
 
"hampura  ema teu bisa mere nanaon, ngan bisa mere do'a ."

Ieu cariosan asa  nampiling pipi,indung nu geus sakitu  loba mere pangorbanan, mikacinta,mikaasih  keur kuring jeung adi lanceuk  masih nyarios 
" hampura ema teu bisa mere nanaon"
Samentara  kuring paling nyium pananganna, masihan rupiah  teu langkung ti  10 persen  panghasilan, geus ngarasa jadi  anak  nu bakti ka indung.
Indung teu ngarasa  loba  nyieun kahadean ka kuring.
Padahal kahadean,kanyaah indung  hese pisan di itung, loba teuing.
Samentara kuring ngarasa jadi anak nu taat  jeung  hebat, ngan ku sa cewir  kahadean. 
Oh, muliana  indung jeung naifna diri kuring.
Lamun kuring  gering, indung  rela  nempuh  parjalanan  ratusan kilometer. oge aya nu nyeberang lautan  ngan  hayang  nyium putra/putrina.
Padahal mun  indung  teu damang  kuring ngan  ngangkat telepon truss ngomong
 " hapunten ema, teu  tiasa  kadieu  ngalongok  ema, nuju seueur padamelan."
Oh  naha beda pisan kuring jeung indung kuring.
Anjeunna  ngantunkeun sagala kasibukanna  supaya bisa  panggih jeung anakna.
Samentara kuring nyieun alesan sibuk  keur bisa  nyarengan waktu  anjeunna teu damang.
Waktu  sakola oge kuliah, indung rela  ngahutang kaditu kadieu nu bisa jadi meunang  hinaan tinu mere hutang.
Tapi naha  kuring  ayeuna tega nyebut  
"hapunten  ema , abdi can tiasa  seueur ngabantos , abdi masih kedah  ngamajengkeun   bisnis sareng kulawarga ."
Da kumaha atuh aya oge ieu keur nabung kabutuhan keur meuli motor,imah,umroh dll.
Padahal  indung  ngawaler :
" Ema  sugema  nempo anaking  jeung kulawarga  bahagia " 
Oh  ema, kuring beuki isin.
Peuting tadi  kuring ceurik, bakti ka indung can aya naon - naon .
Kuring ngan bisa ngadu'a  
"Ya Allah jaga indung kuring, muliakeun , pasihan tempat nu mulia  di dunya sarta  mahkota nu suci engke di sawarga "-
Duh  hina pisan  ieu diri nu ngan bisa  ceurik jeung ngirim  du'a di  umur nu beuki ngolotan .
Eta  bedana kuring  jeung indung kuring.
Sok cing soson soson meungpeung indung aya keneh.
Mugia  palawargi   teu sapertos kitu

ุงَู„ู„ّู‡ُู…َّ ุงุบْูِุฑْู„ِูŠْ ูˆَู„ِูˆَุงู„ِุฏَูŠَّ ูˆَุงุฑْุญَู…ْู‡ُู…َุงูƒَู…َุงุฑَุจَّูŠَุงู†ِูŠْ ุตَุบِูŠْุฑَุง.

ALLOHUMMAGHFIRLII WALIWAALIDAYYA WAR HAMHUMAA KAMA RABBAYAANII SHAGIIRAA

“Duh Gusti Pangeran Abdi, mugi ngahampura abdi sareng kadua kolot abdi (Mamah jeung Bapak), pikanyaah aranjeunna sapertos aranjeunna mikanyaah abdi nalika alit”.

Aamiin
ฤฐeu carita ngan saukur pangengeliing keur urang sadaya..
Mugia tiasa janten manfaat..

No comments:

Post a Comment

Latest Post

Bridesmaid: Ekspektasi vs. Realita, Mengapa Terkadang Tidak Sesuai?

Bridesmaid: Ekspektasi vs. Realita, Mengapa Terkadang Tidak Sesuai? Pernikahan adalah momen paling berharga dalam kehidupan,  Tetapi terkada...