June 2, 2016

Tujuh Hal Anu Ngabatalkeun Puasa

Dari tetangga:

Sakedap deui urang bade ngalakonan Puasa, peryogi di perhatos keun saurna... 
aya TUJUH HAL anu matak ngabatalkeun kana Puasa :

1. DIUK

Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang, éta nu matak ngabatalkeun kana puasa, tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis, éta gé sarua batal puasana

2. LUMPAT

Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol éta matak ngabatalkeun puasa, komo bari tuluy pesen mie rebus mah.

3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING

Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa, lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas.

4. SURA SEURI

Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa, lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola, tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.

5. NGALAMUN

Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa, lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.

6. MAEN FACEBOOK atawa BBM

Maen Facebook atawa BBM an ogé matak ngabatalkeun puasa, lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus Rokok, tuluy diopi.

7. HITUT

Hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatal keun puasa, hitutna waé bisa ngabatalkeun Wudlu, komo ngadahar kulub hui pasti batal puasana.

No comments:

Post a Comment

Latest Post

Bridesmaid: Ekspektasi vs. Realita, Mengapa Terkadang Tidak Sesuai?

Bridesmaid: Ekspektasi vs. Realita, Mengapa Terkadang Tidak Sesuai? Pernikahan adalah momen paling berharga dalam kehidupan,  Tetapi terkada...